Breaking News

Kusmana, Festival Bahasa Ibu Mangrupa Nyalurkeun Bakat Sareng Prestasi Kahareupna




SUKABUMI," BERITAEKSPOS.COM - 
Calagara Festival Tunas Bahasa Ibu (FTBI) Tingkat Kota Sukabumi dibuku Penjabat Walikota Kusmana Hartadji  Senén, 30 Séptember 2024 di SMP Negeri 6 Kota Sukabumi.

Calagara FTBI diluuhan ku Kepala Dinas Pendidikan dan Kebudayaan Kota Sukabumi, para pupuhu Sakola Dasar (SD) jeung SMP, para pamilon, sarta girang pangajén calagara.

Pj Kusmana mengatakan mangrupa calagara positif. Hal ieu miboga maksud keur nyalurkeun minat, bakat, kréasi, jeung prestasi para pamilon atikan dina raraga ngamumulé basa jeung budaya daerah di Indonésia,” Kusmana Hartadji ngébréhkeun kamandangna.

"Ku ayana ieu calagara, para pamilin atikan SD jeung SMP di Kota Sukabumi bisa némbongkeun sumanget mikareueus kana basa jeung budaya Sunda.

Namun kata PJ,  ngarasa bagja ku ayana calagara FTBI baris ngarojong kamajuan siswa utamana anu aya patula-ptalina jeung préstrasi para pamilon atikan, boh dina akademik og’e non-akademik. FTBI disebutkeun ku Kusmana Hartadji mangrupa tradisi alus anu sakuduna ditépakeun (diéstafétkeun) unggal tahun na.

Maksud utamana, menurut PJ, sangkan masyrakat Sunda bisa ngeunteung atawa ngaréfléksikeun diri jeung ngariksa diri kalayan ngahijikeun mangsa bihari jeung kiwari. Udaganna, keur proyéksi kana mangsa ka hareupna kudu di mumule.

“Ku kituna, urang kudu terus ngaronjatkeun kualitas dunya atikan ti mangsa ka mangsa sangkan leuwih pinunjul. Sim kuring nganuhunkeun ka para girang pangajén anu parantos ilibiung dina ieu calagara. Ku kituna wilujeng mancén.

Calagara FTBI mangrupa tarékah keur nangtukeun para pinunjul anu baris makalangan di tingkat Provinsi. Penjabat Wali Kota Sukabumi miharep para pamilon némbongkeun kaparigelanna jeung numuwuhkeun sikep positif salila tandang makalangan.

“Sim kuring ngahaturkeun nuhun ka pihak-pihak anu parantos ngarojong sareng ngadeudeul ieu calagara. Sakali deui, ieu mangrupa tarékah urang dina ngahontal tujuan jeung naon anu dipiharep ku para karuhun Sunda dina ngawangun kahirupan jeung papada ogé jeung lingkungan. Antukna bakal ngamuara jeung baris ngawujudkeun kabagjaan lahir jeung batin,” ditutup Kusmana Hartadji.

Ronald;
Alexsander
BACA JUGA BERITA LAINNYA